Sweet words are easy to say, Sweet things are easy 2 buy, But sweet people are difficult to find. Life ends when U stop dreaming, Hope ends when U stop believing, Love ends when U stop caring, Friendship ends when U stop sharing.

Sunday, December 30, 2007

Neng Ita




To:
'Neng
Date: 12/30/2007 7:15 pm
Subject: "Hope we can chat soon."

Message:
"Hope we can chat soon." Aduh eta sineng geulis matak kayungyung wae ka akangna. Sanos tadina mah, dikinten. mail ieu moal diwaler ku neng. Hatur nuhun pisan nya neng Ita anu geulis camperenik lenjang kabogoh akang pisan.
Mung aneh wae akang mah, memangna palebah manana mail akang asa ngahibur ka neng Ita? Teras sukana neng ka akang teh suka kumaha? Suka geuleuh panginten nya. Tapi pami neng leres suka, ning seuseur patarosan penting akang anu tara diwaler ku neng Ita.

Hatur maklum, akang ayeuna nembe 3 sasih kengin pancen damel janten teknisi warnet di bilangan Tanah Abang. Tapi nembe oge kacepeng 5 warnet = 80 komputer. Tiap 1 komputer akang dibayar 50rebu sasasih, diluar biaya perbaikan penggantian kerusakan.
Akang kost di Kebon Kacang sasasihna 600rebu. Tadina mah akang bade seja ngiringan tawisan damel di Kalimantan dibidang logging. 2 sasih di leuweung geledegan, sasasih libur. Upami teras damel dietang lembur bayaranna 3x lipet. Akang mah terpaksa nyerah da hoyong atuh jaga gaduh bumi nyalira. Sugan 5 taun akang damel leuleuweungan, tiasa panginten gaduh kendaraan. Bade luluasan weh akang mah, kapan ngantosan waleran neng kana hasrat hate akang hoyong pisan panghantenan sareng neng oge,  kapan teu aya alang ajarna. Kumaha tah pami pamadegan neng Ita ka akang, pami neng leres suka bogoh redho mah.

ID YM neng parantos di add ku akang. Mugi weh samemeh angkat urang tiasa chat heula. Peupeuriheun atuh neng bade ngiringan akang dimana wae padumukan akang. Tapi upami neng nampik oge, akang ngamaklum. Piraku deui mojang geulis sapertos neng kersa gaduh tatanggi ka orangutan di Pangkalan Bun onaman mah. Hapunten bilih akang suudzann ka neng. Diantos walerna. Wilujeng taun anyar 2008. Pamugi jodoh neng pasini ka akang weh ari kahoyong akang pituin mah. Wassalam, fahmi.


'Neng wrote:
Knp ya pesan dr kang fahmi selalu menghibur,neng suka!
ah neng bade tumaros,
kang jktna di palih mn?teras damelna di bid naon?neng hoyong terang.
hoyong langkung caket mengenal sosok akang teh..
kang suka online ga ? id ym neng bilih bade nga add : im_nengeuliz
hope we can chat soon (^.^)

No comments: